KANYAAH PALID DI SAGARA
C
|
ai laut pating suruwuk kabawa angin, tabrakan jeung
baturna ngakibatkeun munculna ombak, anu pating jelegur, matak sieun lamun nu
kakara ninggali mah, béda jeung kuring da tiap poé aya ditengah-teungah laut,
nya da pakasaban kuring di laut ngsahakeun anak jeung pamajikan hasil cicing di
laut, bisa balik téh paling genep bulan Sakali kakara bisa papanggih jeung anak
pamajikan, kitu deui jeung indung bapa, ogé dulur. Geus dua kali kuring
lakirabi, tapi dua na na micung pegat dijalan, padahal haté letik kuring
ngajerit maratan langit ngocéak maratan jagat, nyilep gumuruhna ombak di sagara
anu pating jelegur nambarakan karang. Teu kitu kumaha atuh da dua na na ogé
kuring papeugatan keur mejeuhna sono bogoh, di tambah pan kuring jeung
pamajikan téh jarang pateupung, paling téréh tilu bulan, lolobana mah genep
bulan sakali aya aturan sataun kakara bisa balik. Ari balik ka imah loba
dédéngéan ti tatangga pajar téh pamajikan kuring nyolowedor ti salaki, boga
kabogoh deui cenah, barang ngadéngé kabar kitu kuring teu peurcaya, haré-haré
wé, tapi kusabab kuring terus-terusan ngadéngé selentingan waé, hiji waktu
kuring bébéja rék mulang ka pagawéan, kuring pamit saperti biasa, terus manggil
trépel langanan kuring ari rék balik, sok langsung di jajapkeun ka bandara.
Kuring langsung berangkat ditengah perjalajan kuring ménta supir bélok ka
hotél, terus kuring asup kahotél ka bagéan resepsionis, kuring bébéja rék
ngénong sa lila tilu peuting, terus kuring mayar ka bagéan ka uangan di hotél
éta, kuring di jajapkeun ka hiji kamar, sanepina ka kamar terus wé bébérés
pakéan da puguh lila ari nginep tilu peuting mah, sa réngséna bébérés, terus
kaluar bari pesen kopi ka bagén
résepsionis, gék diuk di dina korsi anu aya dina hareupeun kolam, kucibeuk lauk
emas anu beureum ngucibeuk cai na nepi ka mungsrat kaluhur malah keuna ka na
baju kuring sawaréh, reuwaseun meureun pédah kuring ngaringkang ka dinya,
suruput kopi di inum meni haneut kana ti koro da puguh karék cur, atuh meni
ngebul kénéh. Bari ningali lauk anu pating soloyong kuring mikir kudu kumaha,
nya pilakueun?, percaya ka béja, atawa percaya ka pamajikan, tapi haté rada
kaganggu ingeut baé kana omongan
tatangga, cenah pamajikan kuring nyolowédar, piraku kuring kudu gagal deui mah
lakirabi téh, pan ayeuna téh geus katilukali na, “cing lauk béjaan kuring kudu
kumaha?” ceuk kuring teu puguh – puguh nanya ka lauk, nya atuh euweuh jawaban,
lauk mah anu di ajak nyarita malah pating soloyong wé jiga nu ngaléléwé ka
kuring, keur jongjon ngagereneng, ngocoblak sorangan, aya nu nepak taktak bari
nyarita kakuring, “Apa kabar Marta, keurnaon di dieu?, ceuk nu nepak taktak,
atuh kuring mani ngagurubug bari nangtung ningali kanu nepak taktak, lain
ngajawab kanu nanya,”Éh malah olohok kitu, ieu kan Marta Junaédi, Urang leuwi
Goong? Ceuk anu nepak Kuring, “Éh Iman Maulana urang Warung Golér kan?”, ceuk
kuring bari ngagabrug Iman, sawalatra waktu lengit kabingung terus wé ngobrol
kaditu kadieu” Dimana ayeuna téh Man, lawas teu papanggih urang téh?” ceuk
kuring muka caritaan, “Ari padumukan mah ayeuna téh di Tarogong da boga
pamajikan, ka urang tarogong, ari ayeuna di dieu keur mancen gawé.” Ceuk Iman
bari melong ka kuring, bari terus nanya ka kuring “Ari di dinya keur naon di
dieu gening, liburan jeung keluarga, mana keluarga kenalkeun ka kuring? Ceuk
Iman bari seri, kuring teburu nga jawab, da bingung pijawabeun, malah melong
neteup ka Iman anu keur nunggu jawaban ti kuring.”Ih… di Tanya malah bengong.”
Ceuk Imam ka kuring, “Éh … enya kuring padumukan mah di Purwakarta daérah
Cibungur da boga pamajikan nu ayeuna ka urang dinya” Ceuk kuring ngajawab bari
rada teu paruguh, rada éra, lakirabi teubener waé. “Lain keur naon aya didieu”
ceuk kuring bari melong ka Iman. “Nya éta, kuring keur mancén tugas wé didieu
mah ti dunungan ningali tempat anu rék di bangun kabeneran dunungan téh menang
tender di daérah ieu” Ceuk iman bari suruput nga regot cikopina bangun nikmat
gep kana goréng cau am di huapkeun, “ terus ari didinya keur naon gening aya di
hotél sosoranganan?” Ceuk Iman bari ngosom da puguh bari ngadahar pisang
goréng.” Panjang caritana Man…, jeung éra nyaritakeunnana?, pok na téh, Marta
bari melongkosong ka jauhna.”Ih … teu kudu éra Ta…, jiga jeung saha waé, sugan
wé atuh kuring bisa mantuan babaturan, da kuring jeung anjeun téh lain wawuh
sakatiga” Ceuk Iman, bari am deui kana geréng pisang, puguh wé nikmat
dibaréngan ku cikopi. Marta di kitukeun ku Iman téh, teu langsung ngajawab,
malah melong panjang bari ningali lauk anu pating koloyong dina émpang hotél,
rénghap Marta ngaréngap narik napas panjang, bangun anu senggah, tapi teu
burung manénah nyarita,derekdek manéhna nyaritakeun ti mimiti manéh na kawin
nepi ka ayeuna geus katilukalina tug konaon manéhna aya di hotél éta, “kitu!
Man matak na, kuring aya di dieu téh, rencana kuring hayang ngabuktikeun
omongan tatangga?” Ceuk Marta,
“Nya ari kitu mah alus tibatan urang ngan saukur béja ti batur tanpa bukti,
alus kitu Ta” Ceuk Iman bari gep deui ngahuapkeun goréng pisang bangun nikmat, “Jadi teu matak
kunanaon man urang saperti kitu?”Ceuk Marta bari melong ka Iman.“Nya henteu
atuh justru alus tibatan nyangka teu bukti” Ceuk Iman, “nya ah ayeunamah geus
panceg kuring rék nyilik béja ti tatangga, moal waka mangkat di gawé” ceuk
Marta bari marahmay ayeunamah teu nguluwut jiga tadi, suruput manéhnah kana
cikopi anu geus maju rada tiis, saterusna duaan upleuk ngobrlol kaditu kadieu,
da puguh sobat nu geus lawas kakara tepung deui.
Indung
penting geus datang, berang kaganti ku peuting, sora adzan magrib geus ngajak
madep ka gusti anu sajati, pamuntangan sekabéh mahluk dina hirup hurip di alam
dunya, jung dua sobat anu keur
ngobrol uplek marangkat rék nyumponan janji kagusti, pikeun babakti sareng sujud ka
anjeuna.
Angin
peting terus ngahiliwir marengan haté anu terus ngacacang, panon melong kosong neteup
lalangit kamar, ras kunasib, lakirabi geus tilu kali naha beut ninggang di
acur,matak nyeri jeung perih kana haté sing sérédét asa aya nu ngageurihan, bakat kutunuh jeung awak lungsé teu karasa panon nutup
ngajak nganjang ka alam ngimpi, rep jempling poékna peting jadi pangjajap
kasakumna mahluk anu keur leuleuson.
Isukna,
isuk-isuk basa panon poé geus moncorong
ti beulah wétan némbongkeun gawé nyaangan alamdunya, Marta kaluar ti hotél rék
balik deui kalembur rerencepan, nu di maksud nyilidik, nu jadi pamajikan, nu ceuk béja manéhna nyolowédor, nukang nonggong ti salaki ceunah, barang nepi ka lembur manéhna
teu ka imah tapi cicing di hiji warung
bari nyérangkeun ka paleubah imahna, keur jongjon ngobrol jeug nu boga
warung, gerung aya mobil avanza warna bodas ngaliwat ka hareupeun warung,
kuring neteup kana éta mobil, léok mobil ngaléok kapalebah kénca nya éta ka lempengan
imah kuring, nu jadi héran éta mobil eureun paleubah imah
kuring, kuring teu ngicep ninggalai mobil éta, teu lila
katinggali aya nu kaluar hiji lalaki gandang terus lempang ka buruan imah
kuring, haté kuring meni tagiwur, dag
dig dug, nga dulag tu tunggulan,
tapi kuring teu ingkah tina diuk ingetan téh bisi salah, mereun éta mah séma
biasa ceuk pikir kuring. Terus lalaki tadi katinggalina ngeutok panto, bray
panto aya nu muka sup éta lalaki téh ka jeuro imah kuring, rada lila lalaki téh
aya di jero, haté beuki teurus tagiwur teu puguh, aya lima belas menitan ti
imah kuring, aya nu kaluar nya éta lalaki tadi, teu lila dituturkeun ku pamajikan kuring sup dua nana
asup kana mobil avanza bodas tadi, gerung mobil avanza ngaliwat ka palebah warung tempat kuring
cicing, koréjat kuring ngoréjat, bari haté tagiwur, kuring nanya ka tukang
warung “Mang kenal teu kana mobil anu nembé?” ceuk kuring, “Teu bapa mung
sering eta mobil téh ngalangkung kadieu” Ceuk tukang warung, “Oh.. “ Ceuk
kuring, teu papanjangan terus nguniang
nga goroan oj, nu aya di sebrangeun warung, “kamana pak?” Ceuk tukang ojég
“Tutur keun mobil avanza anu tadi nya” Ceuk kuring, gerung motor maju tarik da
ngudag mobil anu geus rada jauh majuna, ampir teu katinggali, teu satara lila
mobil geus ka témbong deui, “Mang teu kénging cakeut teuing!” Ceuk kuring, ka tukang ojég
“Muhun Pak!, aya naon kitu pak mobil téh? Ceuk tukang ojég, nanyakeun, “ ah
hayang nyaho wé ka mana éta mbil” Ceuk kuring, pondok da puguh haté teugenah.
Léok mobil téh ka belah katuhu, genig kadieu haté kuring ngocoblak, pan ieumah
jalan ka hotél anu kukuring tempat nginep, teu sawatara waktu mobil sup ka
halaman hotél, nya éta hotél anu tempat kuring nginep, “heup-heup mang!” Ceuk kuring, kuring eureun di luar
reun hotél, créng kuring mayar ojég, “Haturnuhun Mang”
Ceuk kuring, katukang ojég, “Sami-sami Pak, mangga” Ceuk tukang ojég, bari terus motor dibélokeun deui
ka arah mulang, kuring melong ka buruan hotél mobil avanza diparkir, teu lila
aya nu kaluar lalaki terus mukakeun panto mobil hiji deui, terus aya nukaluar
awé-wé, teu salah deui éta pamajikan kuring, séak awak asa panas jiga di rérab, haté geus teu puguh rasa, komo ningali
pamajikan anu di kaléng di bawa asup ka hotél, beuki ngentab nga bulak-bulak,
lamun kongang hayang nga gebug wé ku rancatan duanana.
Harita kuring terus nyerangkeun
pamajikan kuring, nepi ka asup ka kamar hotel, terus kuring asup ka hotél ka
kamar kuring, tapi terus bébérés, kaluar ti hotéh bari mawa haté anu panas,
nguntab-nguntab, ningali pamajikan di hotél jeng lalaki batur,tapi teu terus ka
imah malah terus ka imah babaturan sapagawéan alesan nanyakeun iraha rek
berlayar deui, badahal mah ngan ukur miceun salasah wé, da haté keur tagiwur,
bari terus ngilu nginep.
Isuk-isuk kénéh kuring balik ka
imah geus teu mariré ka pamajikan anu héraneun gening akang uih deui can angkat
berlayar cenah nanya, kuring nga gidig asup ka kamar bari terus baé bébérés
pakéan, geus berés léos ka tengah imah, bari nyarita ngan sambet ieu urang laki
rabi, manéh rék dipulangkeun ka kolot manéh, cek kuring bari ngagejlig kalawang
panto, sepat suku di gabrug kupamajikan tapi dikepeskeun, bari nyarita (teu
inget siah kamari ngendong di hotél aing ningali kumata sorangan, manggeus tong
mewék sagala) ceuk kuring bari terus asup ka garasi ngaluarkeun mobil dius wéh
kuring mangkat, sacan ninggalkeun lembur pamajikan kuring nyimpang ka imah
mitoha terus nyérénkeun nu jadi pamajikan, nu di tinggalkeun di imah keur ceurik
duka enya duka bohong ceurikna téh. Ti harita nepi ka ayeuna kuring can boga
pamajikan deui, da cinta kuring, kanyaah kuring palid teurus di sagara anu
kacida luasna, duka pédah gawé kuring dilaut waé, duka kumaha, éta mah rahasia
gusti.****is
Tidak ada komentar:
Posting Komentar